patirtan nu ngawaluyakeun ka jalma
meunang berkah ti rahman jeung rohimna nu ngusik malikkeun
hirupna mahluk, sok sanajan ngan saukur lentah
sanajan mahluk leutik, surti kana fungsi dirina,
kum melendang di alam panyabaan
narima sajatina narima kana kabagusan jeung dina gorengna
dian tawis nu kaalaman nu can kaalaman ku sadayana
cak bit cup
nista maja utama
kabeh ge bakal kabagean
boh kanugrahan boh kamusibatan
boh dina karaharjan boh dina kamalaratan
keun bae ujang, ....
temrakeun wae paroman nu alus,
nu matak reueus batur
mungguhing mahluk da kabeh ge aya tugasna masing-masing
najan poe ieu ngan kakara kararaban sangu sabungkus
keun ulah ceurik batin ... teu kuat otak mah, masih keneh
aya hate...teu kuat hate ulah ceu rich
bral gera miang ka medan perwira teh...
dodoza pasti aya , serengehan we eta mah
ngan duka ka mana ....teangan we eta kusuma
taroskeun kanu kaschep atawa nu geulis
kanu ngarochmat jeung nu ngachormat...
salam